TEKS MC PATURAY TINEUNG KELAS IX SMPN 3 TAROGONG KIDUL

Assalamualaikum wr.wb
Sampurasun nu kasuhun ka pupuhu SMPN 3 TAROGONG KIDUL, pupuhu Dinas Pendidikan, komite sakola, guru-guru SMPN 3 TAROGONG KIDUL, bagea ka siswa-siswi SMPN 3 TAROGONG KIDUL, ibu miwah bapak, saderek sadayana, kum ka dulur-dulur nu pengkuh mitra baraya nu satia kana basa jeung budaya sunda.
Sateuacana sumangga urang sasarengan nyanggakeun puji sinareng sukur ka Gusti Nu Maha Agung anu parantos maparin kasehatan sareng kakiatan ka urang sadaya. Alhamdulillah ku jalaran nikmat ti manten-Na dina danget ieu urang tiasa kempel ngariung di ieu tempat dina raraga “Paturay Tineung Kelas IX SMPN 3 TAROGONG KIDUL”.
Sholawat sinareng salam, urang sanggakeun ka jungjunan alam Nabi Muhammad SAW. , ka para kulawargana, para sohabatna, kalih urang salaku umatna. Amin.
Langkung tipayun simkuring seja nyanggakeun pangwilujeng, rehna siswa-siswi kelas IX parantos lulus Ujian Nasional taun 2019.
Sateuacana, didieun aya sababaraha rupi acara. Simkuring bade medarkeun heula runtuyan acarana diantawisna:
1. Bubuka
2. Mapag Pupuhu (Sanggar Seni TITARKID)Shebanlp13.blogspot.com
3. Aosan Ayat Suci Al-Quran nu di lantunkeun ku Bpk,Ustd Yusa
4. Nyanyikeun Lagu KaBangsaan Indonesia Raya
5. Laporan ti pupuhu panata calagara (Sheba&Syifa)
6. Laporan ti pupuhu OSIS (Ratu&Rizky)
7. Tari Merak (Pebia kls 8G)
8. Panghargaan ti sakola kanggo siswa&siswi berprestasi & Kedal lisan ti wawakil kelas IX
9. Kedal lisan ti pupuhu sakola (Bpk.Diaz S.Pd, M.Pd)
10.Kedal lisan ti komite sakola (Bpk.Ferdiansyah S.Pd, M.Pd)
11.Kedal lisan ti Dinas Pendidikan (Bpk. Dimas Putra S.Pd, M.Pd)
12.Kedal lisan ti Kesiswaan (Bpk. Gilang Permana S.Pd, M.Pd)
13.Pidangan seni angklung (kelas 8G)
14.Pidangan Lagu Daerah (Band Medley 8G)
15.Pidangan Tari Jaipong (Ekmil,8G)
16.Pidangan Lagu Perpisahan (Kls 8G)
17.Pidangan puisi perpisahan (Asti kls 8G)
18.Pidangan Lagu 2 Mei 2019 (Band SOS)
19. Doa (Bpk. Rifki S.Pd)
20. Panutup (Sheba&Syifa)
Supados teu nyangkolong kana waktos, sumangga urang kawitan wae ieu acara ku aosan basmallah sasarengan. Bismillahirrahmanirrahim.

Hadirin anu ku simkuring dipihormat, salajengna hayu urang nyakseni mangrupi pidangan prosesi mapag pupuhu SMPN 3 Tarogong Kidul, miwah rengrengan. Mangga dilajengkeun ku Sanggar Seni TITARKID.
Hadirin, salajengna hayu urang sami-sami regepkeun aosan ayat suci Al-Quran anu seja didugikeun ku Bpk,Ustd Yusa
 dihaturanan.
Nincak kana acara nu kaopat. Nyanyikeun Lagu KaBangsaan Indonesia Raya.
 Salajengna nyaeta laporan ti pupuhu panata calagara. Ka Sheba&Syifa dihaturanan.
Lajeng, acara nu kagenep nyaeta laporan ti pupuhu OSIS. Ka Ratu&Rizky dihaturan.
Nincak kana acara nu katujuh, hayu urang sami-sami nyakseni mangrupi pidangan tari merak ti wawakil siswi kelas 8G.
Salajengna, acara nu kadalapan nyaeta kedal lisan ti wawakil kelas XI. Ka saderek…dihaturanan.
Lajeng, acara nu kasalapan nyaeta mangrupi Kedal lisan ti pupuhu sakola Bpk.Diaz S.Pd, M.Pd.
Salajengna, acara nu kasapuluh kedal lisan ti Komite sakola. Bpk.Ferdiansyah S.Pd, M.Pd anu ku simkuring dipihormat dihaturanan.
Nincak kana acara nu kasabelas mangrupi Kedal lisan ti Dinas Pendidikan Bpk. Dimas Putra S.Pd, M.Pd.
Salajengna, acara nu kaduabelas kedal lisan ti Kesiswaan. Bpk. Gilang Permana S.Pd, M.Pd anu ku simkuring dipihormat dihaturanan.
Salajengna, acara nu katilubelas Pidangan seni angklung (kelas 8G) Nyakseni.
Salajengna acara nu kaopatbelasPidangan Lagu Daerah (Band Medley 8G) Nyakseni
Lajeng, acara nu kalimabelas Pidangan Tari Jaipong (Ekmil,8G) Nyakseni
Salajengna, acara nu kagenepbelas Pidangan Lagu Perpisahan (Kls 8G)
. Hayu urang sami-sami nyakseni.
Nincak kana acara nu katujuhbelas nyaeta Pidangan puisi perpisahan (Asti kls 8G)
Nyakseni.
Nincak kana acara nu kadalapanbelasbelas nyaeta Pidangan Lagu 2 Mei 2019 (Band SOS) Nyakseni

Lajeng, acara nu kasalapanbelas nyaeta doa. Ka Bpk. Rifki S.Pd dihaturan kanggo mingpin doa.
Ibu miwah bapak anu ku simkuring dipihormat. Runtuyan acara parantos dilaksanakeun. Mugi-mugi ieu acara teh aya mangpaatna. Rupina ieu acara teh urang pungkas wae, simkuring Sheba Natalisa Lili Pori sareng Syifa Nur Wijaya neda dihapunten samudaya kalepatan. Hatur nuhun kana perhatosannana. Mangga urang tutup ku aosan hamdallah sasarengan. Alhamdulillahirabbilalamin….Wassalamualaikum wr.wb

Komentar