Postingan

TEKS MC PATURAY TINEUNG KELAS IX SMPN 3 TAROGONG KIDUL Assalamualaikum wr.wb Sampurasun nu kasuhun ka pupuhu SMPN 3 TAROGONG KIDUL, pupuhu Dinas Pendidikan, komite sakola, guru-guru SMPN 3 TAROGONG KIDUL, bagea ka siswa-siswi SMPN 3 TAROGONG KIDUL, ibu miwah bapak, saderek sadayana, kum ka dulur-dulur nu pengkuh mitra baraya nu satia kana basa jeung budaya sunda. Sateuacana sumangga urang sasarengan nyanggakeun puji sinareng sukur ka Gusti Nu Maha Agung anu parantos maparin kasehatan sareng kakiatan ka urang sadaya. Alhamdulillah ku jalaran nikmat ti manten-Na dina danget ieu urang tiasa kempel ngariung di ieu tempat dina raraga “Paturay Tineung Kelas IX SMPN 3 TAROGONG KIDUL”. Sholawat sinareng salam, urang sanggakeun ka jungjunan alam Nabi Muhammad SAW. , ka para kulawargana, para sohabatna, kalih urang salaku umatna. Amin. Langkung tipayun simkuring seja nyanggakeun pangwilujeng, rehna siswa-siswi kelas IX parantos lulus Ujian Nasional taun 2019. Sateuacana, didieun a...